Artikel Bahasa Sunda

NGALARAPKEUN  LAPADZ ALLAH

 DINA ahir taun 2009, Mahkamah Tinggi Kuala Lumpur nangtukeun yén panyaram Kementrian Dalam Negeri (KDN) sual ngagunakeun kecap Alloh ku Akhbar Minguuan Katholik The Herald éta teu sah jeung batal demi hukum. Hakim Lau Bee Lan nu ngungkulan kasus ieu nétélakeun, “Panyaram KDN Malaysia éta teu sah jeung batal, majalan Mingguan The Herald jeung sakumna rahayat Malaysia éta boga hak hukum pikeun maké asma Alloh tarjamahan tina kecap Pangéran (Tuhan, ind)

Saméméhna medal Fatwa Karajaan Malaysia, Mei 2008, yén asma Alloh mah hak paténna umat Islam turta ulah digunakeun ku ummat séjénna. Éta fatwa diapilainkeun ku dibawana ieu kasus ka pangadilan, hasilna per 31/12/2009 Majalah Mingguan Katholik The Herald anu terbit dina 4 basa tur oplah 14.000 éksemplar ieu, diunggulkeun ku Mahkamah.

Saptu, 2/1/2010, Jamil Khir Baharom, mentri kabinet nu boga tanggung jawab dina urusan agama Islam, nétélakeun Kantor Perdana Mentri bakal ngajukeun banding pikeun ngalawan kaputusan mahkamah.

Kasus ngagunakeun asma Alloh hak saha, éta bisa tumalépa ka nagara séjén. Indonésia jeung Turki kaasup nagara anu ngagunakeun lapad Alloh tarjamahan tina kecap GOD.

Mimitina mah tarjamah asma Alloh téh dipaké pikeun ngaganti sebutan Pangéran Bapa pikeun ngabédakeun jeung anu séjénna. Dina Matius 16: 22 nyebut. “Tapi Petrus ngenyang Jesus ka gédéngeunna jeung nalék Anjeunnna, pokna; “Pangéran (Jesus) mugi Allah (Pangéran Bapa) nyinglarkeun éta perkara”.  Ieu terjemahan ngagedurkeun gugatan, lamun téa mah bener kitu, naha atuh Abraham teu jadi Ibrohim, Josep jadi Yususf, David jadi Daud, Solomon jadi Sulaiman. Naon pangna Yesus teu jadi Isa bnu Maryam.

Alif Danya Munsyi di Majalah Tiara (1984( nulis, mimitina mah kecap Pangéran téh saukur ‘plésétan’ tina kecap tuan ku warga Nagara Walanda nu ngaranna Leijdecker taun 1678. Alif ngaguar, maranéhna mah geus biasa nyebut Isa téh ku landian ‘tuan’  anu dina basa Yunani mah ‘Kyrios’, dina basa Portugis ‘ Senor, dina basa Walanda ‘Heere’, dina basa Prancis ‘Seigneur, jeung dina basa Inggris ‘Lord’. Alif nyindekkeun, sebutan Tuan pikeun Isa Al-Masih téh asalna tina surat-surat Paulus. Tarjamahan kecap TUAN pikeun Yesus dina basa Indonésia mimiti dipikawanoh taun 1663 ku jasa terjemahan élmuwan Portugis, ngaranna Browerius. Harita Browerius narjamahkeun Isa al-Masih ku kecap ‘TUAN’. Taun 1678, Leijdecker narjamahkeun ku kecap Pangéran. Hartina, kosakata Pangéran (Tuhan) abus kana basa Indonésia mangrupa pangaruh téologi (agama) kristen.

Situs resmi Lembaga Alkitab Indonésia (Mei 2009) nulis, yén terjemahan asma Allah dina Alkitab basa Melayu geus dikanyahokeun ti taun 1629 ku Injil Matius terjemahan A.C Ruyl, “maka engkau memerin’ja nama Emanuel artin’ja Allahu ferta fegala kita”. Matius 1 : 23).  Nalika ngarénsékeun Alkitab TB-LAI, taun 1968, para pingpinan jeung wakil geréja-geréja ti pirang-pirang denominasi ngayakeun konsultasi di Cipayung, Jakarta Kidul. Ieu konsultasi sapuk sangkan kecap Alloh tetep digunakeun saperti dina tarjamah-tarjamah saméméhna.

Kacindékan ti sakabéh katerangan tadi, asma Alloh éta lain asli Bibel, sabab ngaran Pangéran dina Basa Hébréw soko awal basa Perjanjian Lama nyaéta El, Eloh, Elohim jeung Yahweh. Dina basa Greek soko basa Bibel, kecap Pangéran disebut Theos. Dina dua basa ieu, Hébréw  jeung Greek asma Alloh hentéh kapanggih.

Al-Alamah Maududi (Pakistan) taun 1941 nalungtik sual ngaran Alloh anu diguar dina buku al-Musthalahat Al-Arba’ah Fil Quran. Maududi meunteun, loba jalma anu kaliru dina ngamahamkeun asma Alloh. Naha ieu ngaran téh ngaran ZAT atawa SIFAT. Naha asma Alloh téh boga akar kata (musytaq) atawa henteu boga ‘derivasi’ (jamid). Naha ieu ngaran téh husus pikeun Alloh ku lantaran bentukna singular (kata tunggal) anu lobana 2679 kali, diulang dina saban lambar al-Quran. Maududi milih pamadegan, yén asma Alloh mah asli, lain rundayan tina kecap Ilah, buktina éta kecap ‘henteu boga bentuk plural atawa jamak, lamun diabusan huruf séjénna, huruf alifna tetep disada’, contona YA ALLOH.

Dina hiji riwayat disebutkeun yén ibuna Isa, Maryam binti Imron mawa anu jadi anakna ka jalma anu pinter (al-Kuttab) pikeun diajar. Kuttab nyarita; “Uktub bismillah, prak tulis asma Alloh’ Nabi Isa leutik malik nanya; “Atadrî mâ huwallôh, naha anjeun nyaho saha ari Alloh? Nabi Isa ngajawab kana patalékanna sorangan; ‘Allôhu ilâhul âlihah”,Alloh téh nyaéta ilah puseurna sesembahan. (Tafsir Thobari, 1/42).

Dina kitab Perjanjian Lama, Keluaran, 4: 4 ngeunaan kisah iteuk Nabi Musa disebutkeun, Dawuh Alloh ka Nabi Musa; ‘Prak téwak buntutna ku leungeun hidep”, Musa ngasongkeun leungeunna, terus néwak oray, ngadak-ngadak oray téh dina pananganna mah jadi iteuk (Kaluaran 4 : 4). Supaya maranéh percaya, yén Pangéran, Alloh éyang maranéhna, Alloh Abraham, Alloh Ishak jeung Alloh Yakub geus némbongan diri ka anjeun”. (Kaluaran 4 : 5). Dina Kaluaran 8 : 10, Nabi Musa nyarita ka Fir’aon; “Prak sing jadi saperti manéh, supaya tuan kuring nyahoeun, yén henteu aya anu saperti Pangéran, Alloh kuring sadaya. “Panétélaan Kitab Kaluaran 4, Alloh uyut maranéh, Alloh Abraham, Alloh Ishak jeung Alloh Yakub, jeung da’wah Nabi Musa ka Fir’aon dina Kaluaran 8 : 10 nuduhkeun yén asma Alloh pikeun Bibel éta ngaran husus, lain ngaran umum atawa ngaran sarékat milik sakabéh pihak, saperti pangakuan kaom liberal jeung pluralisme.

Waleran Nabi Isa, Alloh téh ilah puseurna sesembahan éta nuduhkeun yén asma Alloh mah husus sakaligus ngaran zat, lain ngaran sarékat. Kusabab ngaran husus, nya geus tangtu ulah digunakeun sakarep ingsun ku agama mana baé ogé, kaasup ku urang Islam anu ngalakukeun prakték klénik (padukunan) atawa syirik.

Dina Lukas 4 : 8 disebutkeun Nabi Isa sasauran; “Anjeun kudu nyembah Pangéran Alloh anjeun, saukur ka Mantenna anjeun babakti. Bandingkeun jeung surat an-Naml : 60 – 64, lima kali Alloh nalék, A ilâhun ma’allôh, naha aya Pangéran séjén salian ti Alloh. Alloh ngadawuh, bal hum qoumun ya’dilûn, malahan maranéhna téh kaom anu nyaliwang. (an-Naml (27) : 60. ayat-ayat tadi ku Alloh dipungkas ku dawuh-Na; “Hâtû burhânakum inkuntum shôdikîn, sodorkeun ku maranéh alesan hukum maranéh upama téa mah maranéh jalma anu bener. (an-Naml : 64).

Jadi, asma Alloh mah lain ngaran sarékat anu meunang disarékatkeun ku sing saha baé ogé atawa ku agama naon baé, salian ti agama tauhid dinul Islam, anu boga syahadat tauhid lâilâha ilallôh jeung anu boga syahadat nubuwah (muhammad Rosûlullôh). Ieu syahadat mupus hak milik sakaligus hak hukum saha baé anu nyebut jeung ngagunakeun éta ngaran, kajaba ahli tauhid. Didinya pisan kakuatan jeung gunana huruf La jeung huruf Illâ dina runtuyan éta kalimah syahadat. Dikuatan ku dawuhan Rosul, halal getihna pikeun saha baé anu acan ngucapkeun kalawan sadar lafad jalalah lâilâha ilallôh, innî umirtu an uqôtilan nâsi hattâ yaqûlû lâ ilâha ilallôh. Kitu upama dikékér tina jihat téologi mah. Upama ditempo tina jihat sosiologi, Alloh salaku zat anu disembah jeung diibadahan éta tos layeut jeung kahirupan kaom muslimin ti jaman kalarung jeung geus lila nanceb ngakar dina paradaban bangsa-bangsa kuno, boh di masjid-masjid, mushola, di lembaga pendidikan, tempat kumpul jeung panganjrékan kaom muslimin. Di mimbar masjid, di mihrob, dina bilik masjid, asma Alloh salawasna maparés dina tulisan kaligrafi.

Bukti oténtik panalungtikan sajarah asal usul ieu ngaran ku urang bisa kapanggih dina panto Ka’bah atawa dina Kiswah Ka’bah, dimana Ka’bah éta ngarupakeun bait Alloh anu munggaran aya di bumi (Baitul Atiq, al-Hajj : 23-33) leuwih kolot batan paradaban Yahudi jeung Nasroni.

Kahareup, jigana hukum sertifikasi jeung anu aya pakaitna jeung ‘perlindungan konsumen’ éta jadi hiji hal anu teu bisa diapilainkeun atawa kudu pisan dilakukeun. Sok sanajan sertifikasi mah saukur surat tanda bukti hak nu lumaku minangka alat pangbuktian anu kuat sapanjang data fisik jeung data yuridisna téh luyu jeung fakta anu sabenerna. Sarébu kali golongan séjén ngucapkeun asma Alloh, éta tetep moal ngarobah kana status kakafiran jeung kamusyrikan maranéhna. Sabab koncina aya dina haté (amal kolbu), aya di lisan (amal lisan) jeung aya anu dilampahkeunana (amal arkani).  ****(tina Bina Da’wah 360/Ku H. Syamsul Bahri (Majlis Fatwa DewanDa’wah)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s